Di Sisi Basisir

Disisi basisir Palabuhan Ratu, Gurat-gurat ka asih, ngabangkarak, ngalumburuk di sasaak ombak !. Kari napas nu hagegak ,awor jeung lampah suku ,nu teu eureun ngudag-ngudag katineung , nu ngabelesat lumpat , nyumput di dasar laut . Kuring ! , akar na tungtung batu , nu ngimpi keclak kanyaah anjeun ,lana , netes , niiskeun tikoro gahar !.